Rabu, 23 April 2014

Ngurek di Sawah Panyaweuyan, Sukabumi, Jawa Barat Indonesia

jreng jreng jreng jreng...... heuheu
bingung kudu ngetik naon iyeu blog mimitina, heuheu , oke lah kieu we, cung saha-saha nu resep kana ngureuk belut cung!! tah lamun ibu-ibu bapak-bapak, ade-ade setanah air sekalian yg suka ngala belut, sok mangga kunjungi wae lapak abdi, lapak abdi ayana di Panyaweuyan, sukabumi, jawabarat, indonesia. nami kampung na KANCAH NANGKUB (da ceuk beja baheulana eta kampung teh ciga katel tiguling, atawa nangkub).

carita saya iyeumah nya, dangukeun dangukeun!! hheu
lamun Saya pulang ngantor pasti osok langsung terjun ka sawah panyaweuyan, tara balik heula, langsung mencug ka eta sawah, teu tiap hari oge sih, tapi yaaaaaaa anggap lah tiap hari, masing tas masih disoren, sapatu napel na suku, helm nangkod na motor teu jadi halanagan, keun anteupeuk motor mah ngadagoan sisi jalan (tapi usahakeun ban motorna cang-cang ku gembok jeung sajabana, lain kunanaon, bisi aya nu mangul. heuheu) eup eup eup.. kembali ke carita. ekhem... tah nya di sawah panyaweuyan mah sangat rea akan belutna, dina pangalaman Abdi mah dina waktu 2 jam bisa meunang karak 20 belut wae mah, kudu percaya!! iyeu teu bohong, nu sok bohong mah babaturan saya, si Jeubag ngarana, ah jadi ngomongkeun batur. hheu
naha jadi gaje kieu nya nyarita teh?? oke lah jadi intina mah kieu, lamun sodara-sodara sekalian hobi kana mancing belut ceuk bahasa Jerman na mah NGUREUK, sok sumpingan wae lapak Abdi di Panyaweuyan, tempat na enak, iyuh (panon poe sore kahalangan gunung walang ni di belah Kulon), belut na oge rea. demi lah, demi keked.. oke? oke teu??

eit eit eit,, bisi aya  babaturan nu maca teu apal carana ngurek ku Saya dibejaan yeuh, sok siapkeun pulpen, paltot, areung ataw naon we lah, asal bisa nulis. heu hue

carana ngureuk belut sawah mah kieu, kudu make kelembutan kudu make perasaan, kunao? kusabab belut sawah mah sensitif, beda jeung belut kulah, lamun liang na rusak ku tali ureuk pas digere-gere, geude kemungkinan eta belut ngelok/asup kajero sok dijamin moal nyangut. tah carana ameh eta liang teu rusak, usahakeun nyieun ureuk ku sorangan, pake tali no 6-7 (3lapis) useup karbon no 6-7, dijamin geunaheun make na oge. ari soal neangan liang mah bisa meureunnya dak? pokokna aya liang meuleusit alias buleud siga liang kateta (naha jadi kana kareta) pokok na aya liang buleud cai-an geude kemungkinan jerona aya belutan. 
okeh yah, selamat mencoba, sampai ketemu di lokasi, Saya ge da lain orang Panyaweuyan, asli mah Orang Bojong Kaler,. oke oke oke????
hidup ngureuk. heu heu